PrameswaRie

Archive for Agustus 2007

Isin…

Posted by: wanoja on: Agustus 27, 2007

kunaon bet isin?
kumargi ninggal dina tv geuning urang luarnagri teh
meni sakitu deudeuhna sareng sakitu resepna kana kasenian Sunda teh
aeh ketang teu Sunda wungkul da tapi kasenian nu sanes oge
asa kumaha kitu tah?!
isin naha urang luar nagri teh bet tiasa atuh
naha sim kuring teu tiasa?
isin pisan…
gelikna sora suling sareng jentrengna kacapi teh
sumarambah kana hate maranehna

Sunda (2)

Posted by: wanoja on: Agustus 24, 2007

Rumaos sanaos sim kuring urang Sunda
teu acan janten urang Sunda nu sajati, teu acan janten Ki Sunda…
kawitna mah teu patos malire kana hal-hal kaSundaan
naha bet Sunda?
naon atuh Sunda teh?
Ki Sunda?
adat istiadat Sunda?
seni Sunda?
jeung sajabana, tapi saatosna sim kuring lebet ka UPI jurusan Sunda
geuning seueur keneh PR pikeun urang Sunda teh
sapertos kumaha carana ngamekarkeun kasenian Sunda,
kumaha carana ngamumule budaya Sunda
nu kiwari beuki lila beuki ka ereh ku budaya sejen
jati kasilih ku Junti tea
kantos waktos sim kuring wangsul ti sakola, saangkot
sareng murangkalih SD sareng ibuna sapertosna nembe uih oge ti sakola
dina angkot teh ngobrol
murangkalih : ”mah ari rorompok teh naon?”
mamahna     : ”Gusti nu Agung! maenya teu terang rorompok? emh abong budak ayeuna”
murangkalih : (ngahuleng…)
mamahna     : ”rorompok teh bumi, kasep… imah atawa rumah tea atuh”
murangklaih : (mikir sigana mah)
mamahna    : (ukur gogodeg)
lah meni asa kumaha ngupingna teh da ari ningal mah teu patos ditingal
hawatos bilih isineun
mingkin ”sedih” atuh nya ninggal kaayaan basa Sunda ayeuna teh
duh, kedah kumaha atuh nya?
hawatos sim kuring oge teu acan tiasa kukumaha
masih keneh kieu geuningan…